1.Samemeh acara der dimimitian, protokol kudu maluruh naon heula sangkan acarana anu baris lumangsung bisa lancar? Mohon bantuannya
B. Daerah
Miku12
Pertanyaan
1.Samemeh acara der dimimitian, protokol kudu maluruh naon heula sangkan acarana anu baris lumangsung bisa lancar? Mohon bantuannya
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Girang Acara
Kelas : IX (3 SMP)
Pembahasan :
Samemeh hiji acara der dimimitian, protokol kudu maluruh runtuyan acara ti awal acara nepi ka ahir acara. Dina basa Sunda, protocol sok disebut oge panata acara. Protokol atawa panata acara sok disebut oge MC atawa Master of Ceremony, nyaeta jalma nu miboga tugas mingpin, ngarahkeun, sarta nyusun runtuyan hiji acara, saperti acara kawinan, upacara, sunatan, ulang taun, jeung sajabana ti eta, ti mimiti bubuka nepi ka panutup acara.
Salian ti panata acara, aya oge jalma anu miboga tugas mingpin jeung ngarahkeun lumangsungna acara, saperti acara diskusi atawa sawala, nyaeta anu sok disebut moderator atawa dina basa Sunda disebut panumbu catur. Jalma anu miboga tugas salaku protokol, panata acara atawa MC jeung moderator atawa panumbu catur teh disebutna girang acara. Girang hartina pamingpin, jadi hartina girang acara teh kira-kira pamingpin acara.